Home » Pengetahuan Umum » Contoh Mukodimah Khotmil Qur’an dalam Bahasa Sunda

Contoh Mukodimah Khotmil Qur’an dalam Bahasa Sunda

بِسْمِ اللّهِ السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Alhamdulillahirobbil ‘alamin, wabihi nasta’inu ‘ala umuriddunywaddin, ashsholatuwassalamu’ala asroil ambiyaa iwal mursalin wa’ala alihi washohbihi ajma’in. amma ba’du.

Contoh Mokodimah Khotmil Qur'an Bahasa Sunda
Sumber Gambar : muicm.sss.ec

Pembukaan Mukodimah Khotmil Qur’an

Hadirin sadayana pangersana Bapak Kuwu sareng sadaya Rengrengana hormateun Sim Abdi, pangersana kasepuhan bapak-bapak haji, bapak Kiai, oge Santriyin sadayana Hormaten Sim Abdi pangersana kasepuhan sadayana, bapak miwah ibuna, anu caket anu tebihna, anu sami parantos nohonan kana panghaturanan sepuh sim abdi dina acara Walimatul Khotmil Qur’an hormaten sim Abdi, Oge Teu Kakantun Rerencangan sadayana anu sami nuju milarian elmu kalayan hormaten sim Abdi, oge pamudah-mudahan dimulyakeun ku Allah SWT Amin-AminYarobal Alamin…

Hadirin sadayana hormaten sim Abdi, Saba’dana sim Abdi Maosken Salam Silahturahmi hayu urang sadaya manjatken puja ka Allah anu maha kawasa manjatken Puji ka Allah maha suci Manjatken Syukur ka Allah anu maha Gopur, Anu mana Anjeunna masih maparinan Mangpirang-pirang Ka Ni’matan Ka Urang Sadaya anu utami Ni’mat Iman, Islam sinareng sehat, ku Ni’mat Anu ieu pisan urang sadaya kedah Tahadus Bini’mah Syukur kana Ni’mah Anu parantos dilungsurken ka urang sadaya ku maosken lapad الحمد لله ربّ العالمين.

Oge Solawat Kalih kawilujengan Allah, Pamudah-mudahan dileberkeun kapanutan urang sadaya Anu parantos, Ngadidik, Ngabina Syariah Agama Islam Buktosna Habibana Wanabiyana Kanjeung Nabi Muhammad SAW, ka Kulawargina ka Para Sohabatna dugiken Ka Urang sadaya selaku Anu Janten Umatna, Pamudah-mudahan Urang sadaya Kalungsuran Romat, Magpirah Sinareng Safaat Timanteuna jaga diyaomil Ahir. Amin-Amin Yarabal Alamin…

Hadirin sadayana hormaten sim Abdi sateacan sim Abdi Ngalajengken kana maos Ayat-ayat suci Al-Qur’an atanapi Khotmil Qur’an langkung tipayun sim Abdi bade Nguningaken ka Sepuh sim Abdi Khususna, umumna Ka Sadayana Sarehna sim Abdi kantos dititipken ka Guru ngaos kanggo diajar ngaos AlQur’an tikawait Ejah-ejahan atanapi iQro, ku Sepuh sim Abdi dugiken kaayena Alhamdulillah parantos Tabang-tabang, dimaosna dugigken parantos Tamat, Sa AlQur’an Anu Seeurna 30 Juz ieu sadaya mang rupi Do’a ti sepuh sim Abdi Khususna, umumna tisadayana kalayan sepuh sim Abdi Ngahaturan ka para sepuh sadaya kanggo Nyaksenan Tasyakur Bini Matilah Ku Mangrupi maos AlQur’an.

Ku Syukur Anu ieu mudah-mudahan elmu anu entos katampi ku sim Abdi sanaos sa alit eta singajantenken elmu anu manfaat kalayan dilungsuran ku Allah Mang Rupi “Wawaladun Solihun” hartosna murang kalih anu sholeh anu Tiasa Ngaduaken ka Ibu Rama Ngabakti ka Allah sinareng ka Ibu rama di Dunya dugiken ka Aherat, Amiin Amiin yarabal alamain.

Hadirin sadayanan hormaten sim abdi dina salebet sim abdi maos ayat-ayat suci AlQur’an atanapi Khotmil Qur’an Tinangtos seeur anulepat dina Maosna, sae dina Idhar Idghomna, panjang pondokna, hartosna sinareng Mahorizul Hurufna sim Abdi bade nuhunken dihapunten lahirna kapara sepuh sadayana, batiniahna ka gusti Allah SWT Amin-Amin Ya Allah Yarobal alamin…

Manawi dina mokodimah khotmil qur’an tisim abdi dicekapken sakieu bae upami saena dina Cariossan sim Abdi eta sumpingna Ti Agami, upami kirang sinareng lepatna eta Tina kahilapan Ti sim Abdi kalayan diakhiran.

وبالله التوفق والهدية والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته